Saurang jajaka geus saged. Baju kampret jeung sirahna diiket. Gembolan geus na taktak, seja miang milari luang, ngitung lembur ngajajah milangan kori. Ngeusi diri ku pangarti malar jembar pangabisa. Munjungan ka ibu ramana.
“Bral kasep Bandansari, geura nungtut elmu geusan bekel hiru” ceuk bapana bari ngusapan, ibuna mah ukur bisa murubut cipanon lantaran anak nu ngan hiji-hijina seja ninggalkeun lembur matuh banjar karang pamidangan.
“mangga ama, wasiat ama diestokeun pisan” pokna bari tuluy cengkat.
Lengkahna ajeg, diteuteup ku dua pasang panon nu gembeng cimata. Basa lengkah katujuh Bandansari ngarandeg terus ngalieuk ka tukang neutep ka kolotna. Bandansari unggut, teras kebat lumampah mapay-mapay jalan tincakan nutur-nutur indung suku.
Hejo lembok wewengkon nu kaliwaran estu matak pikaresepeun haliwir angin nu nebak dangdaunan ting arulang lir ngagupayan. Recet manuk nimrung jadi panambah endah kaayaan.
Bandansari geus aya sabulan lumampah, nepi palebah mumunggang Bandansari neuteup landeuh. Katenjo aya runggunuk suhunan, lamun disebut saung ukuranna rada gede, meureun ayus mun disebut imah pibasaeunana. Hatena bungah, sugan aya nu bogana, maksud Bandansari hayang milu ngareureuh. Laju muru eta tempat, rada rusuh ampir lumpat, sanggeus nepi Bandansari uluk salam.
“Sampurasun” pokna
“Rampes” tembal nu boga imah
Panto muka lalaunan, barang bray Bandansari olohok ngembang kadu. Pon kitu deui nu muka panto ngandon mata simeuteun. Ngajengjen na lawang.
“Hapunten ngiring tumaros?” Bandansari maksakeun nyarita, sedeng nu ngajengjen masih keneh siga nu lingsem.
“Rek nanya naon, Jang?” ceuk saurang lalaki nu norojol ti pipir imah “Euleuh.... punten abah dupi ieu teh wewengkon naon?” tanya Bandansari
“Ah, can boga ngaran jang wewengkon ieu mah, karek abah sakulawarga nu nempatanna oge” tembal lalaki nu norojol tadi, sing horeng eta teh bapana anu mukakeun panto tadi.
“oh kitu pa” ceuk Bandansari
“Ari ujang saha, jeung rek kamana?” tanya bapana nu mukakeun panto.
“Bandansari wasta mah, bah. Maksud seja milari pangabisa, mung kaleresan ngalangkung kadieu” Bandansari ngajelaskeun lalampahanana.
“Nyimas lenggangherang, ajak ka jero atuh, naha ngadon ngajengjen bae na panto” ceuk bapana. Si horeng nu muka mukakeun panto tadi teh namina Nyimas Lengganghherang.
Satuluyna Bandansari disumanggakeun ka lebet. Ngan edas panon duanana terus ilih reret, silih intip, sakapeung ting belenyeh seuri.
Aya rasa nu dumadakan nyaliara dina rasa masing-masing. Bandansari bet kataji ku Nyimas Lenggangherang kitu deui sabalikna. Niat Bandansari nungtut elmu ngadadak leungit saharita ka ganti niat sejen. Dalah dikumaha aya rasa tresna nu ujug-ujug nyampay kkanu geulis Nyimas Lenggangherang. Bandansari jadi katarik ati kagendam asmara. Bandansari nu tadi niat nungtut elmu jadi niat mileuleuheungkeun nu geulis pikeun jadi batur hirup, ngambah sagara rumah tangga.
Bandansari balaka ka bapana, Nyimas Lenggangherang. Gilik pikir moal bisa dipungpang, sedengkeun Nyimas Lenggangherang oege pada-pada satujuan.
“Teu salah eta teh? Tujuan utama hidep teh neang pangabisa, lain neang pipamajikaneun” Bapana Nyimas Lenggangherang ngawawadian.
“henteu, Abah.... abdi duaan tos paheut” ceuk Bandansari.
“Heug atuh, ngan tangtu aya syarat nu kudu dicumponan” ceuk bapana Nyimas Lenggangherang.
“Naon Saratna, Bah?” Bandansari panasaran
“Pangnyieunkeun heula lahan pikeun tatanen, ngan omat ulah make pakakas nanaon. Cukup ku suku Ujang bae. Kadua na pangnyieunkeun hawangan pikeun nyaian eta lahan nu geus dijieun ku Ujang” Bapana Nyimas Lenggangherang mere tanjakan ka Bandansari.
“Mangga, Abah” Bandansari nyanggupan
“sugan ari boga lahan tatanen mah hidep duaan bisa dangan” Ceuk
bapana Nyimas Lenggangherang.
“Muhun, Abah sugan dangan” pokna Nyimas Lenggangherang mairan.
Ti harita eta wewengkon dingaranan Sugandangan nu hartina sugan rineh, sugan nyalse, atawa sugan senang. Kiwari mah katelah Suganangan. Lahan tatanen anu dijieun ku Bandansari bari teu make pakakas nanaon, ngan didupakan bae kiwari nelah sawah dupak. Hawangan anu dijieun ku Bandansari bari bobogohan, dingaranan cibogoh, nu kiwari nelah Cipogor.


